Disadur kana Basa Sunda kenging: Yiyin Jayinah
Kacarioskeun
mangsa baheula. Pulau Jawa masih mangrupa leuweung jeung jarang kasorang ku manusa. Aya
hiji karajaan namina Medang Kamulan anu diparentah
ku hiji raja namina Prabu Dewata Cengkar
anu buringhas sarta resep neda jalmi. Saban dinten sang raja ngamangsa saurang
jalmi anu dibawa ku Patih Jugul Anom. Kaayaan ieu ngakibatkeun rahayat di
nagari Medang Kamulan estuning hirup dina kasieun. Nu antukna seueur anu ngungsi
ka karajaan sanes pikeun nyalametkeun diri ti Prabu Dewata Cengkar.
Di
hiji lembur
Medang kacarioskeun aya saurang nonoman namina Aji Saka anu sakti, purah
tutulung ka sakur jalmi kasusahan. Hiji dinten,Aji Saka junun nulungan
saurang aki-aki anu nuju dianiaya
ku dua begal. Eta aki-aki akhirna ditulungan terus dijadikeun bapak
angkat ku
Aji Saka. Sihoreng eta aki-aki teh salah saurang pengungsi ti Medang
Kamulan.
“Janten
aki teh ngahaja ngungsi ti Karajaan Medang Kamulan?” tumaros Aji Saka ka eta
aki-aki.
“Sumuhun,
Ujang.... Margi Karajaan Medang Kamulang ayeuna diparentah ku hiji raksasa anu
buas tur kaemamanna ngamangsa manusa. Ku sabab eta, unggal dinten ponggawa
karajaan bakal masrahkeun saurang rakyat, utamina anu geus kolot siga aki
pikeun jadi mangsa Prabu....,” saur eta aki-aki nyarioskeun kaayaan di
nagarana.
Ngadangu carios ngeunaan kebuasan Prabu Dewata
Cengkar, Aji Saka ngagaduhan niat kangge nulungan rahayat Medang Kamulan. Harita
keneh Aji saka indit ka Medang Kamulang.
Nepi ka
Medang Kamulang, Aji Saka nyanghareupan sagala rintangan jeung halangan ti
ponggawa Prabu Dewata Cengkar anu mangrupa-rupa siluman jeung jurig nyiri wuri
nu aya di sakuriling bungking leuweung anu kalangkungan. Nepi ka tarung salami
tujuh tujuh wengi jeung jurig siluman leuweung anu diliwatanna, kulantaran Aji
Saka nampik pikeun dijadikeun budak ku
jurig leuweung.
Aji saka
anu sakti mandra guna akhirna bisa ngelehkkeun sakabeh jurig leuweung nepi ka
eta jurig diusir jauh ti eta leuweung. Saentos tarung, Aji Saka neraskeun lalampahanana
pikeun nepangan Prabu Dewata Cengkar di istanana.
Aji Saka nepi
di Karajaan Medang Kamulan anu sepi. Di karaton, Prabu Dewata Cengkar nuju
ngamuk kumargi Patih Jugul Anom henteu nyandak korban pikeun kadaharan Sang Prabu.
Ningali kitu, aju Saka anu pinuh ku wawaneng, langsung nyamhareupan San Prabu.
Ningali kitu, aju Saka anu pinuh ku wawaneng, langsung nyamhareupan San Prabu.
“Sampurasun
Sang Prabu,” saur Aji Saka bari nyembah ka Sang Parbu.
“Rampes.......Haha.....saha
andika? Rupana anu kasep ngalempereng koneng matak lapar ieu tikoro
aing.....Hahaha...,” Prabu Dewata Cengkar ningali Aji Saka anu keur ngamuk
ngadadak eureun. Tikorona ngadadak lapar ningali Aji Saka di hareupeunna.
“Ampun
Sang Prabu, sumangga abdi pasrah sumerah diri bade dikumahakeun.....,” saur Aji
Saka.
“Bener
andika geus siap jadi kadaharan kula, heh manusa?” Prabu Dewata Cengkar bari
niat rek newak awak Aji Saka.
Aji Saka
nyingcet, bari pok, “Sabar, Sang Prabu! Abdi kersa janten mangsa Sang Prabu
tapi nuhunkeun syarat!”
“Hahaha.....
Sayarat naon wae anu dipikahayang ku andika bakal dikabulkeun ku kaula....
hahaha...,” saur Prabu Dewata Cengkar anu tos teu kiat nahan lapar ningali Aji
Saka.
Aji Saka
muka sorban anu dipakena, terus saurna,”Syaratna sim kuring nuhunkeun imbalan
tanah karajaan salega ieu sorban....Sang Prabu.”
“Tanah karajaan
salega eta sorban anu sagede kutil eta? Teu Masalah..... Ku kula pasti
dikabulkeun...!” Prabu Dewata Cengkar nyakakak seuri nepi dunya asagempa bumi.
“Ampun
Sang Prabu, pami kitu samemeh sim kuring ninggalkeun ieu dunya janten mangsa
Sang Prabu.... Sim Kuring nuhunkeun Sang Prabu nedunan syarat sim kuring kangge
ngukur tanah salega ieu sorban. Pami tos diukur tur diwatesan....
Sumangga sim kuring nyanggakeun sadaya-daya ka Sang Prabu!” ucap Aji Saka deui.
“Haha......hayu
ayeuna keneh ku kaula diukurkeun....,” Sang Prabu bari nyandak sorban Aji Saka
pikeun ngukur tanah karajaan.
Barang bray
sorban dibuka diamparkeun kangge ngukur tanah karajaan. Eta sorban terus
manjangan teu eureun-eureun nepi ka panjangna eta sorban ngaleuwihan tanah
Karajaan Medang Kamulang. Prabu Dewata
Cengkar kontan ngamuk kulantaran ngukur tanahna teu nepi-nepi. Sabot Prabu
Dewata Cengkar ngamuk, ujug-ujug aya angin gede pohara. Nepi ka akhirna eta sorban
Aji Saka meulit awak sang Prabu, nepi ka sakujur awak Sang Prabuk kabeulit eta
sorban. Eta sorban estuning meulit ti luhur sirah sang Prabu nepi ka meulit
kadua leungeun jeung tungtung handap sukuna. Antukna Sang Prabu teu bisa
kukumaha.
“Auwwww......,”
teu lila Sang Prabu gegerung lantaran tikosewad ka sagara laut kidul anu
ombakna umpal-umpalan. Gejebur.......awak Sang Prabu diteleg ombak gede tilelep
ka laut kidul anu jero pisan, tur teu katulungan deui.
Kajadian ieu,
estuning disambut bagja ku kabeh rahayat Medang Kamulang. Lantaran sadaya
rahayat bebas tina mangsa Sang Prabu. Aji Saka, dinobatkeun ku rahayat pikeun
mingpin karajaan. Diangkat jadi Raja Medang Kamulang. Ti saprak harita Karajaan
Medang Kamulang hirup kalayan aman tur sejahtera.
HAYAM KONGKORONGOK SUBUH
Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba
ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh.
Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning
arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek
nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago teh aya tandukan menta
di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan
naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna
deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga.
Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak
naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi
samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong
jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.”
Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh
balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu
datang wae, terus jago teh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep
titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu
datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi
kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi
ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun
papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati
dumeh kungsi ngabobodo.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
- Watek palakuna :
Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo.
- Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah
sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo
bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.
GAGAK JADI HIDEUNG
Kacariotakeun
baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna
ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan
beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak,
goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang
gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug
corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi
gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag
gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik
wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh
asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .
Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok
weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu
bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah
kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing
embung gawe.
CIPEUCANG
Kacatur kacaritakeun ceuk kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten
Bekasi, Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana
Cipeucang. Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot
baheula diieu lembur teh loba sasatoan terutama Peucang, Sato
bangsaning embe anu awakna letikan ti embe.
Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung
kaler nu di sebut Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning
sasatoan ngarinum terutama Peucang. Kusabab cai teh jadi tempat
kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma kabeh
ngabutuhkeun cai.
Tah kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina
ngaran sato nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai
anu ngalir di eta tempat, Peucang = sato anu loba baheula didinya.
Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang,
jeung masi loba jalma lamun usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta.
Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng
ngalempereng koneng loba nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16
sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana. Dugi ayeuna eta jajakateh aya
keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu jenenganana Ojim Suryana
tea.
MIMITINA UNCAL JADI TANDUKAN
Kacaturkeun mangsa baheula....
Mangsa dunya masih mangrupa leuweung. Mangsa sasatoan silih cumarita sakumaha
manusa ayeuna.
Di hiji leuweung..... Dina hiji
poe,kira wanci haneut moyan. Sakadang Kuda nangtung sisi talaga, ngadon moyan
bari ngeunteung kana cai.
Bari ngeunteung teh manehna ngomong
sorangan, “Bener kasep, gagah aing teh. Awak lampayat, tanduk rangakgak
jeung sareukeut deuih. Moal aya , sato anu ginding kawas aing, anu boga tanduk
sakieu alusna..”
Sabot muji maneh, jol aya uncal
nyampeurkeun. Rek ngadon nginum gigireun kuda. Kuda ujug-ujug haok bae ngambek
bari molotot. Omongna, “Heh Uncal ! Rek naon kadieu? Haling kaditu. Ulah
ngiruhan cai paranti nginum kuring. Maneh mah teu kudu ngeunteung. Da geus
tetela, suku pacer goreng patut, teu boga tanduk kawas aing."
Keur kitu aya maung disada ngagaur
tikajauhan. Kuda jeung uncal beretek bae lalumpatan. Patarik-tarik.
Sieuneun ditekuk maung. Kuda lumpat pangheulana, karepna rek nyumput dinu buni.
Tapi tandukna tikait kana
areuy-areuyan. Atuh teu bisa kebat lumpatna.
Sanajan manehna abrug-abrugan
tandukna teu lesot. Malah beuki kapuket ku areuy,
Teu kungsi lila, jol datang uncal
kadinya. Ceuk kuda. “ eh sakadang uncal tulungan kuring, ieu tanduk
kuring tikait kana areuy, meni pageuh kieu” Uncal karunyaeun tuluy
areu-areuy anu melit kana tanduk teh digegelan nepi paregat. Geus kitu
belenyeng bae kuda jeung uncal teh lalumpatan deui. Sieuneun kasusul ku maung.
Hadena maung teh teu kebat ngudagna.
Ditempat nu aman kuda jeung uncal areureun. Kuda ngomong ka uncal. “ sakadang
uncal, nuhun pisan kaula geus ditulungan ku sampean. Mun teu ditulungan ku anjeun
mah meureun kuring teh geus tewas ditekuk maung. Pikeun pamulang tarima, ieu
kaula masrahkeun tanduk. Prak pake ku sampean turun tumurun. Hatur nuhun
uncal.”
Tanduk kuda teh rap dipake ku uncal
nepi ka kiwari. Tah kitu dongengna sasakala mimiti gaduh tanduk dina huluna. Ti
saprak harita, eta sakadang Uncal teh tandukan nepi ka ayeuna.****
KUYA JEUNG MONYET NGALA NANGKA
Kacaturkeun... Aya Sakadang Kuya jeng Sakadang Monyet.
Eta Kuya jeung monyet teh estuning nyobat dalit pisan.
Hiji peuting, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet
sararé di sisi leuwi, dina tangkal kiara. Sakadang Monyét saré dina dahan anu
panghandapna. Ari Sakadang Kuya saré dina sela-sela akar kiara. Henteu pajauh.
Maksudna sangkan bisa ngobrol méméh saré. Atawa bisa silihgeuingkeun mun aya
nanaon. Ari dug, ari ker duanana saré tibra.
Tengah peuting, Sakadang Monyét nyaring. Tuluy
ngageroan Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang
sakeudeung!”
“Aya naon Sakadang Monyét?”
“Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani
leubeut.”
“Di mana?”
“Di tengah leuweung. Tapi dina impian téh dituduhkeun
lebah-lebahna ogé.”
“Keun isukan urang téang. Ayeuna mah urang saré deui
wé da peuting kénéh!” ceuk Sakadang Kuya.
Ngadéngé jawaban kitu, Sakadang Monyét saré deui. Meni
dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah rada hésé kana saré deuina téh. Keur kitu,
kadéngé Jang Onyé ngalindur. Cenah, “Ah, isukan mah rék ngala nangka. Diala ku
sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun naék. Didahar kabéh ku sorangan,
Sakadang Kuya mah ku uing moal dibéré.”
Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran
caritaan Sakadang Monyét. Tuluy néangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang
Monyét. Sanajan lila ulengna, tapi teu burung kapanggih ogé. Geus kitu mah,
reup baé Sakadang Kuya téh saré deui.
Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyét
geus hudang. Jrut turun tina dahan tempat saréna. Tuluy baé ngaguyah-guyah
ngahudangkeun Sakadang Kuya.
“Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang
néang nangka téa!” ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong,
“Ké atuh Sakadang Monyét, ayeuna mah isuk kénéh!”
“Ih, engké mah bisi kaburu diala ku batur!”
“Apal henteu jalanna?”
“Ih, puguh wé, da dina impian téh dituduhkeun
lebah-lebahna.”
“Hayu atuh!”
Bring éta dua sobat anyar téh indit ka jero leuweung.
Inditna teu bisa gancang, sabab Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira
wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju. Enya wé, henteu salah impian
Sakadang Monyét téh. Di dinya aya tangkal nangka sagedé beuteung munding.
Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna.
“Sok-sok atuh geura naék, ulah ngahuhuleng baé!” ceuk
Sakadang Kuya ka Sakadang Monyét.
“Ké heula, gampang naék mah. Ngan uing téh teu nyaho,
kumaha carana ngabédakeun nangka anu geus asak jeung nangka anu atah kénéh,”
ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya seuri leutik ngadéngé omongan Sakadang
Monyét kitu téh. Asa manggih jalan pikeun metakeun akalna, anu meunang mikiran
tadi peuting. “Gampang atuh ngabédakeunana mah. Ditepakan wé. Lamun sorana
plék-plék-plék, tandana éta nangka geus asak. Lamun sorana pluk-pluk-pluk,
hartina atah kénéh,” ceuk Sakadang Kuya.
Henteu talangké deui, térékél Sakadang Monyét naék
kana tangkal nangka. Gugurayangan. Ceuk pikirna, “Si Kuya mah rék dibéré anu
aratah baé, ari anu arasakna keur uing, rék didahar di luhur ku sorangan.”
Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plek-plek dirawatan ku
manéhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok, “Tah,
Uya, méré nangka. Pék wé dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, naék ka
dieu!” cenah.
Sakadang Monyét tuluy ngagorogotan nangka dina luhur
tangkal. Leungeunna, sungutna, malah sukuna ogé pinuh ku geutah. Ari sababna,
nangka anu didaharna téh nangka atah. Sakadang Monyét teu nyahoeun, saenyana
nangka asak mah lamun ditepakan téh sorana ngagepluk, lain ngageplék.
“Aha euning Huya, angkra téh atrah,” ceuk Sakadang
Monyét, ngomongna teu béntés, lantaran biwirna rapet ku geutah nangka. Sakadang
Kuya teu némbalan.
Ari rét Sakadang Monyét ningali ka handap, katémbong
Sakadang Kuya keur ngalimed baé ngadaharan nangka asak. Karonéng jeung seungit
deuih. Malah nangka téh ampir béak, tinggal jaramina jeung sikina anu balatak
di sabudeureunana.
Sakadang Monyét kacida kagétna. Geus teg baé boga rasa
yén manéhna geus kabelejog ku Sakadang Kuya. Buru-buru manéhna tuturubun
nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak
didahar ku sorangan,” ceuk Sakadang Monyét.
“Apan ieu ogé paméré ti Sakadang Monyét, da uing mah
teu bisa naék,” témbal Sakadang Kuya.
“Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku
uing mah nangka atah!”
“Tah, aya sanyamplung deui!” ceuk Sakadang Kuya.
Nangka anu sanyamplung téh dicokot ku Sakadang Monyét,
tuluy didahar. Enya wé ngeunah, amis kareueut. Sakadang Monyét gantung
teureuyeun. Ménta deui ka Sakadang Kuya, puguh da geus béak.
“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib baé!” ceuk
Sakadang Monyét bari jamedud. Tuluy lumpat, térékél naék kana tatangkalan,
indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang Monyét téh pundung tayohna mah.
Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya ogé balik deui ka
tempat asalna. Leumpangna beuki ngadédod baé, lantaran beuteungna seubeuh
teuing ku nangka.









